Waslap

Waslap

ku : Kang Oni

“ASA judul tembang! ‘Teungteuingeun’!” ceuk Lamsijan muka wangkongan.

“Kunaon kitu, euy?” tanya Kabayan.

“Heueuh eta. Uing maca dina waslap. Majar aya dulur-dulur urang di wewengkon Cikelet anu kiwari ukur manggih sangu tilu poe sakali,” Lamsijan nyoroscos.

“Heup!…. heup! Ke lanan… Naon tadi teh, waslap? Waslap naon euy?” Kabayan kerung.

“Euuuhhh…! Matak kudu gaul hirup teh atuh!…Zaman kiwari mah urang kudu mindeng nengetan yusup jeung maca waslap, sabab loba beja nu pararenting keur balarea. Mangfaatkeun atuh kamajuan teknologi komunikasi teh!” Lamsijan mapatahan.

“Heueuh!…ngan eta naon maksudna, waslap jeung yusup teh?” kabayan nyedek.

“Lah…., nu kitu-kitu wae nepi ka teu apal! Kamalinaan!” Lamsijan ngaledek.

“Eta gening waslap teh anu dina henpun. Yusup ge ayeuna mah bisa dilalajoanan tina henpun!” Lamsijan teu giren-giren.

Kabayan langsung nyeuleukeuteuk. Teu kuat nahan piseurieun.

“Naha ngadon nyeungseurikeun ilaing mah dibejaan teh!” Lamsijan rada nyeuneu.

“Tong sok kobe hirup teh! Lain waslap atuh euy. Watchup… dibacana wochap. Jeung youtobe… dibacana yutub. Lain yusup deuleu!” tembal Kabayan bari nyerengeh.

“Heueuh eta maksud uing ge…!” Lamsijan buru-buru motong omongan.

“Lain… eta euy ceuk ilaing tadi. Majar teh aya dulur urang anu kalaparan. Naha enya kitu?” Kabayan cangcaya.

“Suer euy! Soheh ieu mah infomasina! Ti sumber anu bisa dipercaya ceuk wartawan tea mah!” Lamsijan ngayakinkeun.

“Teu kaharti ku uing mah. Naha bet bisa kitu, nya?” Kabayan keukeuh.

“Rek kaharti rek hanteu. Nujelas, ieu geus kajadian. Malah nepi ka danget ayeuna can aya bantuan pisan ti pamarentah cenah! Eta realitana ceuk Kang Oni tea mah!” Lamsijan nerangkeun.

“Naon… jeung mamawa ngaran uing!” Kang Oni teu kanyahoan ngurunyungna.

“Aeh… Akang! Tah… kabeneran, Kang!” ceuk Lamsijan.

“Kabeneran nao?” Kang Oni malik nanya.

“Enya… kabeneran Akang datang. Biasana Akang mah sok geus boga  informasi,” tembal Lamsijan.

“Heueuh… ngeunaan naon?” tanya Kang Oni deui.

“Eta Kang. Majar aya dulur-dulur urang di Cikelet anu kalaparan! Naha enya eta teh?” Kabayan mairan.

“Ah… ceuk saha?” tanya Kang Oni.

“Uing maca dina waslap henpun nu Cep Hakim, Kang!” tembal Lamsijan.

“Ohhhh… dina watchup,” ceuk Kang Oni bari keom.

“Lain kalaparan atuh euy. Rawan daya beli eta mah!” jelas Kang Oni.

“Naon bedana kitu, Kang?” Kabayan panasaran.

“Ari kalaparan mah teu barang dahar alatan euweuh hakaneun. Ari rawan daya beli mah, teu boga duit keur meuli hakaneun!” jentre Kang Oni.

“Sarua we atuh ari kitu mah,  Kang. Teu dahar keneh teu dahar keneh!” tempas Kabayan.

“Beda atuh, Lur! Da ieu mah masih keneh bisa barang dahar. Ngan kadaharanna anu teu maruk jeung umum,” ceuk Kang Oni.

“Teu maruk kumaha, Kang?” tanya Lamsijan.

“Enya teu maruk we ari dahar beuti pager mah!” tembal Kang Oni, bari gek diuk girireun Kabayan.

“Ah… si Akang mah sok aya-aya wae. Maenya pager make aya beutian!” Lamsijan motong omongan.

“Heueuh… apan di wewengkon eta mah, umumna malager buruan teh sok ku tangkal sampeu! Jadi lamun palebah pas teu boga dahareun, pager dikakat. Diala beutina,” tembal Kang Oni bari nyerengeh.

“Leuh… kutan. Nepi ka kitu-kituna! Karunya atuh nya, Kang!” ceuk Kabayan.

“Heueuh… numatak, euy!…” Kang Oni teu kebat.

“Numatak kumaha maksud Akang teh?” Lamsijan megatan.

“Heueuh…, numatak barudak urang mah kudu sarakola sing  jucung, sangkan laluhung ku elmu,” Kang Oni mimiti da’wah.

“Ke…ke… Kang. Naon kaitanna antara elmu jeung dahareun. Apan ari meuli dahareun mah angger kudu ku duit!” Lamsijan motongan deui.

“Ulah waka motong atuh!… Heug dengekeun heula sing saregep ari Kang Oni keur ceramah teh!” Kabayan ngahulag Lamsijan.

“Ieuh…, umumna kasusah hirup teh tumiba ka jalma anu kurang elmu. Da ari anu palalinter mah gening jaradi pagawe pamarentah. Anu embung jadi pagawe nagari, jaradi pemborong proyek, wartawan, anggota dewan, jeung sajabana. Euweuh nu sarusah hirupna teh,” saheulaanan Kang Oni ngarenghap.

Saestuna, ceuk Kang Oni, keur ngarengsekeun pasualan kaum pamayang mah teu butuh modal duit. Bere we elmu cara ngokolakeun duit.

“Ceuk Jack Clark Francis mah ajarkeun elmu melak duit, atawa anu nelahna investasi,” Kang Oni netelakeun.

“Heup…, Kang! Tong luhur teuing nyaritana. Jadi lieur kana sirah uing! Ari investasi teh naon? Jeung  aya melak duit sagala. Memang lamun duit dipelakkeun dina taneuh bakal jadi tangkal duit kitu?” Lamsijan nyela.

“Susah nya Kang ari ngomong  jeung nu teu ngasaan bangku sakola mah!” Kabayan ngaledek.

“Memangna ilaing ngarti kitu, naon investasi teh?” Lamsijan nyereng kawas limun.

“Eh…. apan ceuk uing ge hese ngomong jeung anu teu ngasaan bangku sakola mah! Puguh…. sarua! Uing ge lieur. Teu ngarti deuleu!” tembal Kabayan bari keom.

“Yessss!!!” Lamsijan atoh, asa aya balad.

“Aeh… enya. Poho euy! Rarasaan teh keur ngawangkong jeung mahasiswa ekonomi!” ceuk Kang Oni bari nyerengeh.

Ceuk Kang Oni, kuduna pamayang diajarkeun jeung diarahkeun keur investasi. Nalika meunang hasil panen nu mucekil, duitna ulah dibeakkeun. Sisihkeun sawareh keur modal usaha nu sejen. Sabab, lamun sakalieun keur mucekil mah, hasilnya bisa nepi ka puluhan juta. Ngan wae, lebah kana nanaonna kudu diarahkeun ku nu leuwih ngarti.

“Jadi, cindekna, lamun para pamayang boga usaha nu sejen, nalika usum suwung lauk moal nepi ka ripuh-ripuh teuing. Sabab boga panghasilan tina usaha nu lain,” beber Kang Oni.

Kabayang jeung Lamsijan ukur unggeuk-unggeukkan. Teuing ngarti, teuing tunduh ngadenge ceramah Kang Oni.

“Ngaan wae euy, hadena investasina ku cara gabungan. Sangkan, sanajan modal individuna saeutik sewang, jumlahna angger gede da ti lobaan. Sugan bisa nyieun pabrik parab ingon-ingon (pakan ternak/red) mah. Hade meureun, bisa nyieun pabrik ku cara nu mandiri. Teu ngandel-ngandel batuan ti pamarentah. Da puguh hare-hare!” Kang Oni beuki panjang lebar.

“Tah…., bener pisan Kang! Terus? ” tanya Lamsijan bangun nu bungah.

“Terus kumaha?” Kang Oni malik nanya.

“Enya…, terus iraha uing bisa milu ngalamar digawe di pabrik boga pamayang teh?” tembal Lamsijan.

“Ceuk uing ge, si eta mah pasti lumpatna ka lebah dinya!” Kabayan jebi.

“Har…ari ilaing. Apan ieu mah karek lamunan!” ceuk Kang Oni.

“Aeh… enya nya!” Lamsijan kaeraan.

“Tapi Kang, mungkin bisa ngawujud teu naon anu dicaritakeun ku Akang teh?” Kabayan panasaran.

“Gumantung ka para pamayang sorangan. Hayang maju, atawa betah ngorehan beuti pager kawas ayeuna!” ceuk Kang Oni mungkas wangkongan.***

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI