Wahangan Ngadadak Galak

Ku Kang Encép

Mangsa harita, méh sapeuting jeput cihujan maseuhan sabudeureun pilemburan Kampung Bau Lisung. Leungit mangsa peuting, jol mangsa beurang. Gujrud. Urang lembur pahibut, nyakséni urang lembur nu dumuk sisi wahangan lebakeun lembur ditarajang caah déngdéng. Katangen, padumukan lir tapak kaléléd ku sunami.

Selang sapoé, satutasna kajadian musibah caah alatan wahangan ngadadak galak. Mang Uci sabalad-balad geus ngaliud di warung loték Ceu Ikah. Pasemon Mang Uci rada aleum, sok komo apanan anak dulurna anu dumuk teu jauh ti wahangan tepika hanteuna. Tilar dunya, kaléléd caah.


Cép Dédén: “Kunaon Mang, semu nu sedih, boa can anggeus-anggeus nyieun é-KTP téa nya ?” Pokna, ditungtungan nyéréngéh.

Mang Uci : “Is, na ari taeun téh sok kamana-mendi ari Cép Dédén. Keun urusan é KTP mah éta bagéanna Wa Sani. Na teu apal, dulur Emang tilar dunya kaléléd ku caah déngdéng?!” Tetep aleum.

Cép Dédén: “Inalillahi, duh hapunten Mang, nyaan teu uninga abdi mah. Keun tos patokan panginten tinu Maha Kawasa, sing sabar wé. Mugia nu ngantunkeun ditampi Iman-Islamna.” Ngupahan.

Abah Uhro: “Enya, Ci, sing sabar wé ayeuna mah.Kumaha deui atuda geus musibah apanan,” mairan.

Mang Uci: “ Nya kudu ditarimakeun atuh Bah, da puguh ari geus takdir ti Alloh mah. Ngan anu jadi kahanjakal kuring mah, naha éta wahangan anu tadina tingtrim dumadakan galak, nguwak ngawik urang lembur. Pan meureun aya sabab musababna?!” Kerung.

Cép Dédén: “ Mang, cék sadaya para ahli tos paheut. Yén éta wahangan anu dumadakan galak téh alatan kasarakahan jalma anu teu reureuh ngarogahala pagunungan tempat nyidem cai di tonggoheun lembur.” Nétélakeun.

Mang Uci: “Tah éta pisan. Karuhun Emang ogé ti baheula mula geus omat-omatan kudu ngamumulé leuweung. Ngarogahala, ngarusak leuweung hartina ngondang balai. Éta deuih, Emang mah manghanjakalkeun ka Kuwu Udi. Teu kireum-kireum, majarkeun caah déngdéng téh balukar hujan wé anu ngecrek,” gagaro teu ateul.

Abah Uhro: “Sugan keur baluweng meureun Ci, Kuwu Udi téh, pédah riweuh ku itu ku ieu. Cingcirining Ki Kuwu keur baluweng, éta geningan sakitu keur rariweuh nguruskeun korban caah, masih kénéh bisa nyelang ngaistrénan sababaraha urang guru sakola.” Nyanyahoanan.

Ustadz Ihin: “Punten palawargi, keun musibah ieu mah da tosa kajantenan. Tos janten katangtosan tinu Murbeng Alam. Mung nyakitu dina Kalamaullah, parantos ditétélakeun kalayan jéntré, écés tur témrés. Yén karuksakan nu tumiba di alam dunya ieu téh, taya kajaba anging ku lakulampah manusa sorangan. Kukituna, hayu urang silih geuing, meungpeung urang masih kénéh dipaparin kasempetan kumelendang di alam dunya ieu. Urang moal nyaho, boa isuk jaganing géto, nyawa urang papisah jeung raga, maot pingaraneunana!” Mungkas paguneman Mang Uci sabalad-balad.

Tirisna mangsa sareupna di Kampung Bau Lisung harita nyimutan urang lembur nu muyung dirungrung kabingung taya tungtung. Raheutna wahangan nu geus digunasika, dirogahala bangsa manusa geus nyaliara. Gulidagna cai geus lila taya pamuntangan. Kiruhna wahangan geus juuh ku cimata anu ngamalir taya saatna. Cag!

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI