Tilu Perkara

Tilu Perkara

ku : Kang Oni

“MANGKADE euy, ka ulama jeung guru mah urang ulah nepi ka poho. Komo ngahaja mopohokeun mah,” ceuk Kang Oni.
Insha Allah Kang, uing mah teu poho. Moal jiga si eta!” ceuk Kabayan bari nunjuk ka Lamsijan.
“Naha bet nunjuk ka uing!” Lamsijan protes.
“Eya, apan ilaing mah teu apal ka guru sorangan. Sok urang buktikeun. Ari ngaran guru ilaing saha?” tanya Kabayan.
Lamsijan ukur ngahuleng bari jamedud.
“Tuh, pan bukti. Ilaing teu bisa ngajawab,” ceuk Kabayan deui.
“Wah cilaka euy! Sabab, lamun urang geus poho anggot mopohokeun ka ulama jeung guru, saur pangeresa KH Asep Idad ti Rancabeet mah, Alloh Swt. bakal numibakeun tilu perkara ka urang sarerea,” ceuk Kang Oni.
“Naon wae Kang?” tanya Kabayan.
Derekdek Kang Oni ngadongeng. Kieu cenah : Luyu jeung katerangan dina salah sahiji hadist Nabi, yen bakal datang hiji zaman nu mana dina zaman eta pamarentah jeung rahayat malengos ti ulama jeung fukoha. Alatan kitu, Alloh Swt. nimpakeun tilu perkara. Kahiji, diangkatna barokah tina sagalarupa anu diusahakeun ku urang. Boh kaum pagawe, nu tani, nu dagang, jeung sajabana. Nu kadua, urang dibere pamingpin nu dholim. Boh dina rumah tangga, kitu oge dina widang pamarentahan.
“Nu katilu,… tah ieu pisan anu kacida dipikahariwang. Maot dina kaayaan teu boga kaimanan. Iyyy…, naudzu billahi min dzalaalik,” ceuk Kang Oni bari ngabirigidig.
Nu dimaksud malengos ti ulama, ceuk Kang Oni deui, lain wungkul teu make ka para kiyai jeung guru ngaji. Tapi oge malengos ti jalma-jalma anu ngabogaan elmu (nu apal kana elmu fardlu ‘ain jeung fardlu kipayah), sarta guru-guru nungajarkeun elmu-elmu kadunyaan anu mangfaat keur kahirupan urang di dunya jeung aherat.
“Tah, dengekeun ku jejebir ilaing!” ceuk Kabayan ka Lamsijan.
“Heueuh kadenge ku uing ge!” tembal Lamsijan bari semu nu keuheul.
“Ah, piraku ilaing nepi ka teu apal ka guru sorangan mah,” ceuk Kang Oni ka Lamsijan.
“Lain kitu Kang. Apan uing mah teu pernah sakola. Jadi teu pernah boga guru,” Lamsijan bela diri.
“Aeh, heueuh nya. Paingan atuh…,” ceuk Kang Oni bari nyeukeukeuk.
Lamsijan ukur keom.
“Apan ilaing ge sarua teu kungsi ngasaan korsi. Jiga nu heueuh we make apal ka guru sorangan,” Lamsijan males Kabayan.
Kabayan eelengehan.
“Tapi da uing mah arapal ngaran guru nu aya di lembur urang,” Kabayan embung eleh.
“Uing ge wanoh atuh ari ka jang guru Iik jeung jang guru Aceng mah,” potong Lamsijan.
“Ieuh, anu dimaksud ku pangeresa KH Asep Idad mah, urang lain ukur kudu apal kana ngaran guru jeung ulama. Leuwih ti eta, urang kudu make ka aranjeunna,” terang Kang Oni.
“Maksud Akang?” Lamsijan panasaran.
“Hartina, sagala piwirukna kudu ditumut. Atuh lamun aya pasualan anu teu bisa kapikiran ku urang, oge leuwih hade menta piwuruk ka aranjeunna. Sabab, aranjeunna mah luhung ku elmu anu baris mangfaat keur kahirupan urang di dunya katut aherat,” ceuk Kang Oni.
“Kitu oge atuh nya para umaro,” ceuk Kabayan.
“Komo deui para umaro mah. Sabab aya patalina jeung karaharjaan rahayat. Lamun aya pasualan naon wae ge, sakuduna mah umaro menta piwuruk ka para ulama jeung fukoha. Lain ka tim sukses!” sindir Kang Oni.
“Naha ari para umaro di urang kumaha kitu, Kang?” tanya Lamsijan.
“Ari nengetan dina widang hukum mah, asa teu beda jeung urusan karaharjaan rahayat. Jauh keneh tina kaadilan. Buktina, nu miskin mah babari pisan dihukumanna teh. Kitu oge urusan karaharjaan, nu beunghar beuki beunghar, nu miskin beuki ripuh,” Kabayan noroweco.
“Husss! Lain henteu,… acan!” ceuk Kang Oni deui.
“Boa-boa nya, Kang,” ceuk Lamsijan.
“Boa-boa naon, euy?” tanya Kabayan.
“Enya, boa-boa geus teu marake ka ulama jeung fukoha,” tembal Lamsijan.
“Nyaeta, ieu pisan anu dipikahariwang teh,” emboh Kang Oni.***

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI