Seuri

Seuri

ku : Kang Oni

HARITA Kabayan jeung Lamsijan bangun nu nikmat naker saleuseurian. Duanana tingcakakak-cikikik, poho kana kasusah hirup. Teuing naon anu disaleungseurikeunna teh. Duka wangkongan Kabayan, atawa lamunan Lamsijan. Nu jelas, harita mah maranehna katara bangun nu barungah pisan. Teu kawas sasari, hayoh silih poyok silih eledan.

“Kade ah tong anteng teuing saleuseurian. Sing inget kana panggero bumi!” Kang Oni ngelingan.

“Ah, Akang mah sok aya-aya wae. Maenya bumi bisa jojorowokan,” tembal Lamsijan bari angger cakakak-cikikik.

“Aeh,… naha ilaing can apal kitu?” ceuk Kang Oni deui.

“Sual naon tea, Kang?” emboh Kabayan.

“Tuh gening nya. Numatak lamun uing indit ka Rancabeet teh ilaing kudu marilu. Sangkan urang bisa narambahan elmu,” tembal Kang Oni.

“Tah… tah, sual naon deui, Kang?” ceuk Lamsijan.

“Enya, sual nu tadi, ilaing saleuseurian,” tandes Kang Oni.

“Naha teu meunang kitu?” potong Kabayan.

“Lain teu meunang. Ngan ulah kamalinaan. Sabab, bisi urang keur anteng saleuseurian aya batur ngaliwat. Leuheung lamun jalma anu ngaliwat ukur nganggap ilaing nu arowah. Kumaha lamun manehna ngarasa teu genah hate alatan asa diseungseurikeun ku urang, apan bakal jadi pasualan meureun,” terang Kang Oni.

“Bener, Kang. Jadi inget kana dongeng kajadian baheula,” ceuk Kabayan.

“Kumaha kitu euy?” tanya Lamsijan.

Derekdek Kabayan ngadongeng. Hiji waktu keur upacara bandera di Alun-alun Kabupaten, aya karyawan pemda ampir dicabok ku gegeden anu jadi pembina upacara. Alatanna eta karyawan dianggap indisipliner. Sabab cenah hayoh seuseurian salila upacara. Kakeuheul gegeden beuki teu ka ampeuh nalika komandan upacara mere instruksi sangkan sakebeh paserta upacara ngahormat ka pembina upacara.

Eta karyawan teh ngahormat mah ngahormat. Malah sumanget pisan mere panghormatanna teh. Ngan bae, numutkeun paninggali pembina upacara, si karyawan ngahormat bari biwirna angger eerengehan jiga nu nyengseurikeun. Atuh teu talangke deui, gegeden langsung nyampeurkeun eta karyawan bari nyenyak.

“Kunaon silaing teh dieuleu-deuleu ti mimiti upacara hayoh seuseurian wae!” ceuk gegeden.

Nu disentak ukur ngahuleung bari katara bangun nu reuwas kacida. Sabab, manehna mah teu ngarasa seuseurian.

“Punten Pa, naha da abdi mah teu seuseurian,” tembalna bari tungkul.

“Gening eta biwir silaing eerengehan wae,” sentak gegeden deui.

“Punten Pa, ieu mah ti dituna tos kieu,” tembal si karyawan deui bari kekelemesan.

“Oh,… hampura atuh ari kitu mah,” ceuk gegeden.

Nyaho kitu mah gegeden teu jadi ambek. Manehna langsung balik deui kana podium bari teu kuat nahan piseurieun.

“Enya euy, mana horeng biwir si karyawan teh memang orongoh ti dituna. Jadi kulantaran serab ku panon poe, waktu ngahormat manehna rada nyengir. Ku gegeden katarana kawas nu nyeungseurikeun,” ceuk Kabayan bari nyakakak.

Lamsijan jeung Kang Oni oge teu kuat nahan piseurieun. Duanana milu tingcakakak.

“Ari tadi, naon maksud Akang sing inget kana panggero bumi?” Lamsijan panasaran.

“Tah, saestuna ieu pisan anu kudu jadi panggeuing keur urang mah,” ceuk Kang Oni bari terus ngarenghap sakedapan.

Derekdek Kang Oni ngadongeng. Waktu kamari silaturahmi ka Ponpes Al-Hikmah di Rancabeet, pangeresa KH Asep Idad ngaguar salah sahiji eusi suhuf Musa As. Kieu unina teh, saurna : Saenyana unggal poe bumi ngagero ka manusa lobana lima kali. “Hey anak Adam! Anjeun leumpang dina tonggong kami, engke anjeun bakal balik kana jero beuteung kami. Anjeun dahar dina tonggong kami, engke didahar ku bilatung dina beuteung kami. Anjeun seuseurian dina tonggong kami, engke ceurik dina jero beuteung kami. Anjeun suka bungah dina tonggong kami, engke sedih dina jero beuteung kami. Anjeun nyieun dosa dina tonggong kami, engke disiksa dina jero beuteung kami.”

“Beu, kitu kutan teh gening!” Lamsijan bangun nu reuwas.

“Jadi, urang teh teu meunang seuri atuh lamun kitu mah,” taur Kabayan deui.

“Lain teu meunang seuri. Maenya lamun panggih jeung tatangga, urang kudu jamedud. Apan seuri keur nembongkeun budi marahmay ka tatangga mah kaasup ibadah. Nu ulah teh hayoh seuseurian nepi ka poho kana sagala rupa. Anggot resep nyeungseurikeun batur mah, tangtu bakal nambahan dosa,” ceuk Kang Oni.

Jep, tiluanana jarempe. Jigana mah omongan Kang Oni kahalartieun pisan ku Kabayan jeung Lamsijan. Ngan edas, teu kungsi lila tiluannana ngadadak kompak tingbarakatak. Maranehannana ingeteun deui kana dongeng karyawan nu tadi.

“Heup ah, dosa!” ceuk Kang Oni.

“Enya, kudu inget kana panggero bumi,” emboh Kabayan.

Lamsijan sakuat tanaga nahan piseurieun kucara nahan napas, teu ngarenghap. Biwir Lamsijan memang jempe. Ngan orokaya, kulantaran nahan napas bari dikedenkeun, piseurieun teh lumpatna kana bujur.

“Bruuuttt!” sora tina bujur Lamsijan meni tarik pisan.

“Ilaing mah, teu biwir, bujur anu seuri teh,” ceuk Kabayan bari nayalakatak.

Kang Oni jeung Lamsijan ge sarua teu kuat nahan piseurieun.***

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI