Riweuh, Aki Amud Rék Pangsiun

Ku Kang Encép

Reureuh saheulaanan. Urang Kampung Baulisung sapoé harita mah teu madungdengkeun sésa caah déndéng. Ngan nyakitu téa, ari obrolan mah teu jauh tina nyawalakeun anu aya pakaitna jeung kawijakan jeung ketak Kuwu Udi wé, geningan.

Méh saminggu katompérnakeun, urang lembur geus gujrud deui waé. Sahéngna urang Kampung Baulisung téh pédah aya béja, yén Aki Amud anu geus rada heubeul nyekel kalungguhan pupuhu Kantor Atikan téh maju pangsiun. Meujeuhna arikituna mah, da puguh apanan Aki Amud mah geus nincak sareupna umurna ogé, éta deuih babakuna mah sok geringan waé.


Harita wanci tunggang gunung, satutasna shalat ashar. Bah Uhro katangen geus nangkring dina bangku awi haur handapeun tangkal kérsen anu teu jauh ti tajug lembur. Jol Mang Uci, gék diuk gigireun Bah Uhro. Teu kungsi lila, … Guur… Guur… Jiguur… Mang Enis, gogorowokan nawarkeun bajigur daganganana. Kurunyung Cép Dédén, bari teu weléh ngeukeuweuk hapé androidna.

Cép Dédén:“Mang,jigur lirén di dieu. Sok tagogkeun wé heula di dieu dagangan téh!” Pokna, bari ramona mah teu reureuh noélan layar hapéna.

Mang Enis:“Mangga Dén,” ngécagkeun tanggunganna.

Mang Uci:“Tah, geningan Cép Dédén,merenah yeuh ngawangkong téh aya bajigur haratis mah,” kop, kana kulub hui.

Bah Uhro:“Lain Ci, Abah mah bet asa teu kaharti. Éta pédah Ki Amud rék pangsiun, na meni sahéngna alahbatan,apanan geus ilahar ari pagawé pamaréntah mah, kangarana pangsiun mah lin?” Rot, ngaregot bajigur haneut.

Mang Uci:“Ah, si Abah mah teu gaul.Wajar jeung meujeuhna atuh bah ari keur urang pamaréntahan mah rék sahéng jeung riweuh ogé. Apanan ari jadi pupuhun Kantor Atikan mah pada hayang keur para pajabat mah, ongkohan Kantor Atikan mah sohor ku “baseuhna” apanan,” Am, kana kulub cau. Rot, ngaregot bajigur haneut hareuyheuy.

Bah Uhro:“Kutan..?!” Gagaro teu ateul. Nyot,udud kéréték. Anteb naker.

Cép Dédén:“Tah, palawargi,leres sakumaha anu didugikeun ku Mang Uci.“Baseuh” geningan jabatan pupuhu Kantor Atikan mah. Malahan saur iber ti urang kantor mah, kupada hoyongna janten pupuhun Kantor Atikan ieu, “baseuhna” ogé dugi ka kantor Kuwu Udi, cénah. Duka enya, duka muhun.” Nyot, udud mild, ditungtungan seuri konéng.

Mang Uci: “Kumaha ari Cép Dédén, baseuh, duka enya duka muhun sagalarupa. Sing jelas, kabagéan wé kitu méh puguh. Wajar wé atuh kabagéan ogé, da apanan Kuwu Udi téh dunungan keur para pajabat mah. Kadeudeuh téa anu kitu téh panginten. Kadé, sanés pungli, éta mah sakali deui kadeudeuh ti pejabat anu hoyong janten pupuhu kantor.” Kop deui, kana kulub hui, dibarung nyikikik.

Keur jongjon ngalér ngidul. Paguneman Mang Uci sabalad-balad kagerwahkeun ku Ustadz Ihin anu ngurunyung ngadadak ti tebéh tonggoh lembur. Saged, disarung samarénda, dikopéah bodas.

Ustadz Ihin: “Subhanalloh! Teu acan bérés kénéh yeuh nyawalakeun ketak Kuwu Udi téh. Keun wé urang sakséni ku saréréa, kumaha salajengna ketak Kuwu Udi téh. Da enya ari kituna mah, sahéngna di kantor atikan téh, dalah ka tajug ogé dugi gujrudna téh. Kantenan apanan, ayeuna mah, sababaraha cabang kantor atikan téh saur wartos ti pun incu mah badé dilikuidasi deuih. Asa mantes saupmina rada riweuh téh. Keun, urang mah salaku warga Kampung Baulisung kudu ngadukung unggal ketak saé pamarentah. Urang duakeun wé. Tah ayeuna apanan cindek bulan milangkalana para guru. Hayu urang ngadu’a, sangkan sagalarupi rereged anu tos nyaliara di Kantor Atikan lembur urang sing tiasa bérés roés. Atuh para guruna raharja, malar tiasa nanjeurkeun dunya atikan anu onjoy bari barokah!” Mungkas paguneman.

Wanci sariak layung mapag wanci sareupna. Méga hideung ngagantung di langit Kampung Baulisiung, ngadumanis jeung hawa bayeungyang, totondén lembur bakal dicébor cihujan. Najan ipis, harepan urang lembur masih kénéh katangen nyésa dina mangsa jabatan Kuwu Udi anu mingkin samporét. Cag!

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI