Napak Tilas

Napak Tilas

ku : Kang Oni

“KU naon ari ilaing diajak miluan napak tilas teh bet mumul, euy?” tanya Kabayan ka Lamsijan.

“Ah…., teu ari-ari. Ka cape-cape. Mana jauh, panas, kahujanan, beuteung lapar. Mending neangan belut di sawah, aya bawaeun ka imah,” tembal Lamsijan hare-hare.

“Angger ilaing mah. Sagala rupa teh dipatalikeun wae jeung jurusan beuteung! Euweuh deui alesan nu leuwih ilmiah?” sindir Kabayan.

“Ari nu di imah mah teu bisa diparaban ku jawaban ilmiah atuh euy. Angger we, lamun balik teu mawa keur meuli beas mah, biwirna teh teu bisa diwengku. Kalan-kalan mah, panci ge sok ulubiung. Milu brong-brang di dapur,” tembal Lamsijan.

“Heueuh ari kituna mah. Sarua yayang uing ge. Ngan, naha euweuh nu rada politis saeutik mah jawaban teh?” ceuk Kabayan deui.

“Lah…. lain pangurus partey uing mah. Ari ilaing rek miluan kitu?” Lamsijan malik nanya.

“Ohhh…., keur urusan napak tilas mah, unggal taun ge uing teu weleh ulubiung. Sabab loba pisan mangfaatna keur ngalatih diri,” tembal Kabayan.

“Ngalatih diri jadi jalma miskin? Apan uing ahlina dina urusan nyingareupan kamiskinan mah. Sabab unggal poe ge kahirupan uing mah koreh-koreh cok,” potong Lamsijan.

“Leuhhh…, miskin gehu (gede huap-pen). Make jeung nyebut ahli sagala,” ceuk Kabayan bari nyeukeukeuk.

“Loch,… nyingareupan kamiskinan teh teu gampang. Perlu kaahlian. Sabab teu sakebeh jalma sanggupeun. Lamun lain ku ahlina mah, bisa-bisa matak ngarasula. Moal narimakeun kana kanyaah Nu Maha Kawasa,” ceuk Lamsijan nurutan Mario Teguh.

“Kamiskinan teh kanyaah Alloh kitu?” tanya Kabayan.

“Tuh… nya. Numatak lamun ka Rancabeet teh, bandungan papadon ti Pangeresa. Iyeuh, saur Pangeresa mah, uing teu dibere mobil ku Alloh teh sabab Alloh nyaaheun. Da uing mah teu bisa nyupiran. Lamun uing maksakeun meuli mobil, kumaha lamun eremna blong kawas beus anu tiguling di Cianjur kamari. Beuki cilaka atuh, geus miskin terus dibui, da panumpang loba nu tiwas,” Lamsijan terus nyorocos.

“Lieur ah ngabandungan da’wah ilaing mah. Ongkoh miskin, tapi meuli mobil. Kumaha ieu teh?” potong Kabayan bari kerung.

Kang Oni anu ti tadi ukur ngabandungan obrolan Kabayan jeung Lamsijan, antukna milu nyarita.

“Ke…ke…ke, da Pangeresa mah asa teu kungsi nyebutkeun soal mobil sagala,” ceuk Kang Oni

“Eta mah memang inisiatif uing we, Kang,” ceuk Lamsijan bari kekelemesan.

“Si kasebebelan!” sela Kabayan.

“Kieu maksudna teh saur Pengeresa mah, Yan,” ceuk Kang Oni bari ngarenghap sakedapan.

Derekdek Kang Oni neruskeun omonganna. Teu samata-mata Alloh numibakeun kamiskinan ka hiji jalma anging ku kanyaah Mantenna. Sabab, Alloh mah Maha Uninga. Lamun tea eta jalma dibere harta banda komo bari lubak-libuk, manehna moal pernah deui ngadu’a ngadeukeutkeun diri ka Alloh SWT. Sabab, baris kabelejogkeun ku hartana. Padahal Alloh nyaaheun pisan ka jalma anu teu weleh ngadu’a. Sok sanajan niatna ukur hayang dibere harta.

“Numatak eta jalma ku Alloh tetep dipiara dina kamiskinanna, sangkan manehna teu weleh ngedeukeutkeun diri ka Alloh,” terang Kang Oni.

“Tah…, lamun kitu mah jentre, Kang!” ceuk Kabayan.

Lamsijan jamedud.

“Geus ah. Hayu urang indit. Batur bisi geus narungguan! Ilaing rek milu moal?” ajak Kang Oni ka Lamsijan.

“Ka mana, Kang?” Lamsijan malik nanya.

“Enya, napak tilas tea!” tembal Kang Oni.

“Aya mangfaatna kitu, Kang?” tanya Lamsijan deui.

“Tangtu loba pisan lamun urang daek ngalenyepan hakekat tina napak tilas mah!” tembal Kang Oni.

Napak tilas teh, ceuk Kang Oni, sakuduna mah diwajibkeun ka sakumna masarakat. Sabab, lamun ditengetan, ngandung harti anu kalintang luhungna, keur ngingetan deui kana sajarah ka tukang. Kiwari mah, bati napak tilas teh suku ukur rincug. Sabab jalan pileumpanguen geus ngabulungbung, make diaspal sagala. Coba bayangkeun ku urang, kumaha ripuhna rahayat zaman Walanda baheula basa keur naratas jalan neangan tempat pidayeuheun. Sabab kudu ngabaladah muka jalan di tengah leuweung genggong sima gonggong. Jadi, wajar jeung sakuduna, urang sarerea nganuhunkeun ka jalma-jalma baheula nu boga jasa ngawujudkeun puseur dayeuh anu ayeuna ku urang dipieling, nyaeta nu ngaranna Kabupaten Garut tea.

“Carana?” tanya Kabayan.

“Du’akeun sangkan aranjeunna ditempatkeun di sawargana Alloh SWT. Jeung anu paling utama mah, ciri urang ngajenan jasa aranjeunna ku nunjukkeun prestasi dina sagala widang,” beber Kang Oni.

“Atuh mun kitu mah, hadena sakalian kudu diayakeun oge napak tilas kapinunjulan, nya Kang?” ceuk Kabayan.

“Maksud ilaing?” potong Lamsijan.

“Enya, apan baleula teh Garut pernah meunang pamuji sabage Swiss van Java. Oge dibere landihan Garut Kota Intan!” tembal Kabayan.

“Bener pisan. Urang kudu ngayakeun napak tilas kapinunjulan. Maksudna keur ngelingan pangagung, pajabat, jeung rahayat, sangkan urang bisa ngawujudkeun deui kapinunjulan anu baheula kungsi dicangking,” ceuk Kang Oni.

Anu oge kalintang pentingna, ceuk Kang Oni deui, urang kudu ngayakeun napak tilas para ulama anu geus nyebarkeun agama Islam di Garut. Sangkan urang bisa ngawujudkeun deui sumanget nanjeurkeun kaislaman siga zaman Prabu Kian Santang, Pangeran Papak, Arif Muhammad, KH Badruzaman, KH Yusuf Taujiri, Mustafa Kamil, Arfaen Nursaen, KH Anwar Musaddad, djsb.

“Tapi, urang oge ulah poho. Samemehna, saestuna anu kudu diheulakeun teh, urang ngalakonan napak tilas kalahiran. Sangkan urang leuwih hormat ka indung bapa,” emboh Kang Oni.

“Naha, Kang?” tanya Lamsijan.

“Sabab, Alloh moal ngaridoan ka urang, lamun urang teu diridoan ku indung anu ngandung jeung bapa nu ngayuga,” terang Kang Oni.

“Duhhh….,” Lamsijan ngaharegung.

Kabayan katara sepa.***

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI