Riweuh, Aki Amud Rék Pangsiun

Ku Kang Encép

Reureuh saheulaanan. Urang Kampung Baulisung sapoé harita mah teu madungdengkeun sésa caah déndéng. Ngan nyakitu téa, ari obrolan mah teu jauh tina nyawalakeun anu aya pakaitna jeung kawijakan jeung ketak Kuwu Udi wé, geningan.

Méh saminggu katompérnakeun, urang lembur geus gujrud deui waé. Sahéngna urang Kampung Baulisung téh pédah aya béja, yén Aki Amud anu geus rada heubeul nyekel kalungguhan pupuhu Kantor Atikan téh maju pangsiun. Meujeuhna arikituna mah, da puguh apanan Aki Amud mah geus nincak sareupna umurna ogé, éta deuih babakuna mah sok geringan waé.

Harita wanci tunggang gunung, satutasna shalat ashar. Bah Uhro katangen geus nangkring dina bangku awi haur handapeun tangkal kérsen anu teu jauh ti tajug lembur. Jol Mang Uci, gék diuk gigireun Bah Uhro. Teu kungsi lila, … Guur… Guur… Jiguur… Mang Enis, gogorowokan nawarkeun bajigur daganganana. Kurunyung Cép Dédén, bari teu weléh ngeukeuweuk hapé androidna.

Cép Dédén:“Mang,jigur lirén di dieu. Sok tagogkeun wé heula di dieu dagangan téh!” Pokna, bari ramona mah teu reureuh noélan layar hapéna.

Mang Enis:“Mangga Dén,” ngécagkeun tanggunganna.

Mang Uci:“Tah, geningan Cép Dédén,merenah yeuh ngawangkong téh aya bajigur haratis mah,” kop, kana kulub hui.

Bah Uhro:“Lain Ci, Abah mah bet asa teu kaharti. Éta pédah Ki Amud rék pangsiun, na meni sahéngna alahbatan,apanan geus ilahar ari pagawé pamaréntah mah, kangarana pangsiun mah lin?” Rot, ngaregot bajigur haneut.

Mang Uci:“Ah, si Abah mah teu gaul.Wajar jeung meujeuhna atuh bah ari keur urang pamaréntahan mah rék sahéng jeung riweuh ogé. Apanan ari jadi pupuhun Kantor Atikan mah pada hayang keur para pajabat mah, ongkohan Kantor Atikan mah sohor ku “baseuhna” apanan,” Am, kana kulub cau. Rot, ngaregot bajigur haneut hareuyheuy.

Bah Uhro:“Kutan..?!” Gagaro teu ateul. Nyot,udud kéréték. Anteb naker.

Cép Dédén:“Tah, palawargi,leres sakumaha anu didugikeun ku Mang Uci.“Baseuh” geningan jabatan pupuhu Kantor Atikan mah. Malahan saur iber ti urang kantor mah, kupada hoyongna janten pupuhun Kantor Atikan ieu, “baseuhna” ogé dugi ka kantor Kuwu Udi, cénah. Duka enya, duka muhun.” Nyot, udud mild, ditungtungan seuri konéng.

Mang Uci: “Kumaha ari Cép Dédén, baseuh, duka enya duka muhun sagalarupa. Sing jelas, kabagéan wé kitu méh puguh. Wajar wé atuh kabagéan ogé, da apanan Kuwu Udi téh dunungan keur para pajabat mah. Kadeudeuh téa anu kitu téh panginten. Kadé, sanés pungli, éta mah sakali deui kadeudeuh ti pejabat anu hoyong janten pupuhu kantor.” Kop deui, kana kulub hui, dibarung nyikikik.

Keur jongjon ngalér ngidul. Paguneman Mang Uci sabalad-balad kagerwahkeun ku Ustadz Ihin anu ngurunyung ngadadak ti tebéh tonggoh lembur. Saged, disarung samarénda, dikopéah bodas.

Ustadz Ihin: “Subhanalloh! Teu acan bérés kénéh yeuh nyawalakeun ketak Kuwu Udi téh. Keun wé urang sakséni ku saréréa, kumaha salajengna ketak Kuwu Udi téh. Da enya ari kituna mah, sahéngna di kantor atikan téh, dalah ka tajug ogé dugi gujrudna téh. Kantenan apanan, ayeuna mah, sababaraha cabang kantor atikan téh saur wartos ti pun incu mah badé dilikuidasi deuih. Asa mantes saupmina rada riweuh téh. Keun, urang mah salaku warga Kampung Baulisung kudu ngadukung unggal ketak saé pamarentah. Urang duakeun wé. Tah ayeuna apanan cindek bulan milangkalana para guru. Hayu urang ngadu’a, sangkan sagalarupi rereged anu tos nyaliara di Kantor Atikan lembur urang sing tiasa bérés roés. Atuh para guruna raharja, malar tiasa nanjeurkeun dunya atikan anu onjoy bari barokah!” Mungkas paguneman.

Wanci sariak layung mapag wanci sareupna. Méga hideung ngagantung di langit Kampung Baulisiung, ngadumanis jeung hawa bayeungyang, totondén lembur bakal dicébor cihujan. Najan ipis, harepan urang lembur masih kénéh katangen nyésa dina mangsa jabatan Kuwu Udi anu mingkin samporét. Cag!

Wahangan Ngadadak Galak

Ku Kang Encép

Mangsa harita, méh sapeuting jeput cihujan maseuhan sabudeureun pilemburan Kampung Bau Lisung. Leungit mangsa peuting, jol mangsa beurang. Gujrud. Urang lembur pahibut, nyakséni urang lembur nu dumuk sisi wahangan lebakeun lembur ditarajang caah déngdéng. Katangen, padumukan lir tapak kaléléd ku sunami.

Selang sapoé, satutasna kajadian musibah caah alatan wahangan ngadadak galak. Mang Uci sabalad-balad geus ngaliud di warung loték Ceu Ikah. Pasemon Mang Uci rada aleum, sok komo apanan anak dulurna anu dumuk teu jauh ti wahangan tepika hanteuna. Tilar dunya, kaléléd caah.

Cép Dédén: “Kunaon Mang, semu nu sedih, boa can anggeus-anggeus nyieun é-KTP téa nya ?” Pokna, ditungtungan nyéréngéh.

Mang Uci : “Is, na ari taeun téh sok kamana-mendi ari Cép Dédén. Keun urusan é KTP mah éta bagéanna Wa Sani. Na teu apal, dulur Emang tilar dunya kaléléd ku caah déngdéng?!” Tetep aleum.

Cép Dédén: “Inalillahi, duh hapunten Mang, nyaan teu uninga abdi mah. Keun tos patokan panginten tinu Maha Kawasa, sing sabar wé. Mugia nu ngantunkeun ditampi Iman-Islamna.” Ngupahan.

Abah Uhro: “Enya, Ci, sing sabar wé ayeuna mah.Kumaha deui atuda geus musibah apanan,” mairan.

Mang Uci: “ Nya kudu ditarimakeun atuh Bah, da puguh ari geus takdir ti Alloh mah. Ngan anu jadi kahanjakal kuring mah, naha éta wahangan anu tadina tingtrim dumadakan galak, nguwak ngawik urang lembur. Pan meureun aya sabab musababna?!” Kerung.

Cép Dédén: “ Mang, cék sadaya para ahli tos paheut. Yén éta wahangan anu dumadakan galak téh alatan kasarakahan jalma anu teu reureuh ngarogahala pagunungan tempat nyidem cai di tonggoheun lembur.” Nétélakeun.

Mang Uci: “Tah éta pisan. Karuhun Emang ogé ti baheula mula geus omat-omatan kudu ngamumulé leuweung. Ngarogahala, ngarusak leuweung hartina ngondang balai. Éta deuih, Emang mah manghanjakalkeun ka Kuwu Udi. Teu kireum-kireum, majarkeun caah déngdéng téh balukar hujan wé anu ngecrek,” gagaro teu ateul.

Abah Uhro: “Sugan keur baluweng meureun Ci, Kuwu Udi téh, pédah riweuh ku itu ku ieu. Cingcirining Ki Kuwu keur baluweng, éta geningan sakitu keur rariweuh nguruskeun korban caah, masih kénéh bisa nyelang ngaistrénan sababaraha urang guru sakola.” Nyanyahoanan.

Ustadz Ihin: “Punten palawargi, keun musibah ieu mah da tosa kajantenan. Tos janten katangtosan tinu Murbeng Alam. Mung nyakitu dina Kalamaullah, parantos ditétélakeun kalayan jéntré, écés tur témrés. Yén karuksakan nu tumiba di alam dunya ieu téh, taya kajaba anging ku lakulampah manusa sorangan. Kukituna, hayu urang silih geuing, meungpeung urang masih kénéh dipaparin kasempetan kumelendang di alam dunya ieu. Urang moal nyaho, boa isuk jaganing géto, nyawa urang papisah jeung raga, maot pingaraneunana!” Mungkas paguneman Mang Uci sabalad-balad.

Tirisna mangsa sareupna di Kampung Bau Lisung harita nyimutan urang lembur nu muyung dirungrung kabingung taya tungtung. Raheutna wahangan nu geus digunasika, dirogahala bangsa manusa geus nyaliara. Gulidagna cai geus lila taya pamuntangan. Kiruhna wahangan geus juuh ku cimata anu ngamalir taya saatna. Cag!

Hariwang Leungit Kantor

Ku; Kang Encép

Béja itu jeung béja ieu teu eureun-eureun. Hanyjakal béjanana téh bet béja pikakeuheuleun wungkul. Can anggeus béja ti tebeh léngkob pasar anu masih kénéh barala, kiwari urang Kampung Bau Lisung geus digeumpeurkeun deui waé. Babakuna mah para pagawé Kawadanaan anu geus mangtaun-taun idek liher ngantor. Selenting bawaning angin, kolébat bawaning béja, cenah bakal aya kantor anu rék dileungitkeun.

“Génk Kritikus” Kampung Bau Lisung, nyatana Mang Uci sabalad-balad geus ngariung kira wanci sariak layung. Matuh, madungdengkeun ketak pamaréntahan di lemburna. Demi tempat ngariungna ayeuna geus maneuh deui, di warung Ceu Ikah. Sigana mah geus béakeun kakarén lebaran.

Mang Uci : “Lain naha nya bet asa teu anggeus-anggeus pasualan di lembur urang téh. Wawakil urang di parlemén asa euweuh ka gadag. Pan maraéhna teh dipilih keur panyambung létah urang lembur anu geus marilih maranéhna. Ari rahayat kalah geus kohal, nepikeun aspirasi itu jeung ieu jauh ka digugu mah.” Pokna, bari ngarérét ka Cép Dédén.

Cép Dédén: “ Muhun Mang, ari kituna mah. Katawisna inohong nu tos sila ipis téh kalah tonggoy sakarepna sorangan. Éta deuih, pan aranjeuna anu garaduh kawijakan ngadamel aturan téh. Bari dilanggar ku aranjeunna kénéh. Mendak wartos majarkeun baris aya ‘kantor’ nu dileungitkeun. Pisakumahaeun teuing atuh nasibna dulur-dulur urang, moal boa bakal teu puguh damélna.” Ngarahuh.

Mang Uci: “Puguh enya Cép. Emang mah bet asa lieur sorangan, inggis di lembur aya pacéngkadan beuki meuweuh anu baris nagdoréksakeun saréréa. Sakuduna mah Kuwu Udi teh gagancangan ngabejerbeaskeun ka urang lembur. Pan ayeuna téh usum ‘Otda,’ ulah ieu mah nyieun aturan sorangan, dilanggar ku sorangan. Pan ngarugikeun ka saréréa kitu carana mah. Antukna, ngeunah éhé teu ngeunah éon kadituna téh.” Gagaro teu ateul.

Abah Uhro: “Tah, lebah dieuna mah Abah ogé poékuen. Naha rék dibawa ka mana lembur urang téh? Abah kungsi nanyakeun ka Mang Amud, pupuhu para guru di lembur urang téa. Kalah gideug manéhna téh deuih. Ari pokna téh kieu, kumaha béhna wé da Emang mah ukur ganékna Kuwu.” Nepak tarang.

Ustadz Ihin : “Palawargi, kieu wé ayeuna mah, hayu urang saksésni ku sadayana. Kumaha ketak Kuwu Udi satutasna nganjang ka nagri David Beckham. Sugan wé samulihna ti ditu kénging ilham pikeun ngawangun Kampung Bau Lisung. Sugan lembur urang janten Seungit Lisung atuh. Ngadu’a wé teras tong petot-petot! Meper, keukeuh miharep kahadéan jeung kasaadaran pupuhu lembur.

Wanci sariak layung maju wanci sareupna, mapag wanci harieum beungeut mawa kaayaan Kampung Bau Lisung kana mangsa peuting. Panguesi lembur nu keur nogéncang direregedan ku kahariwang keukeuh miharep Lemburna jauh tina balai, anu dibalukarkeun ku ketak pupuhu lembur nu sakapeung mah mawa kapaur. Cag!