Cai Edan

Cai Edan

ku : Kang Oni

“ATURAN teh gening bet tinggal aturan!” ceuk Kabayan bari mulak-malik surat kabar.

“Aya berita naon kitu, euy?” tanya Lamsijan.

“Ieu sual cai edan! Tuh ormas-ormas Islam antukna daremo alatan nu dagang cai edan ti kota nepi ka pilemburan angger maweuh,” tembal Kabayan bari nembongkeun berita ormas anu demo sual minuman keras ka pamarentah.

“Ohhh…, nu disebut miker tea ieu teh nya. Minuman keras! Mun ceuk basa urang mah inuman teuas!” ceuk Lamsijan.

“Aya-aya wae ilaing mah. Ari ngahartikeun teh ulah sok sangeunahna. Jeung aya inuman teuas sagala. Memangna dijieun tina batu!” potong Kabayan.

“Sarua we atuh, ilaing oge nyarita teh gening kumaha karep. Miker disebut cai edan. Memangna dijieunna tina cikiih nu gelo!” bales Lamsijan.

“Heueuh…, apan lamun loba teuing nginum cai nu kitu mah kalakuan jalma sok kawas nu edan. Numatak luyu lamun disebut cai edan teh!” Kabayan embung eleh.

“Aeh…, gening bet aya budak anu milu demo teh. Budak saha nya meni wanian? Naha teu sakola kitu budak teh, anggur milu demo?” ceuk Lamsijan, bari nyidik-nyidik foto dina koran.

“Kawasna mah ngahaja diajak ku bapana. Susuganan we meureun ari ku budak mah anu nepikeun aspirasina didenge ku pamarentah. Sabab, pangagung ge barogaeun budak. Tangtu bakal sarieuneun budakna kacanduan inuman anu matak weureu,” Kang Oni mauran.

“Tapi, ari budak mah atuh hadena ulah dibabawa demo sagala. Sina sakola we sing bener, ambeh ka hareup bisa jadi pamingpin nu eucreug,” ceuk Lamsijan.

“Ah, ceuk uing mah alus we ti bubudak geus diajar wani nanjeurkeun bebeneran,” tempas Kabayan.

“Memangna budak ololeho ngartieun kitu kana nanjeurkeun bebeneran?” potong Lamsijan.

“Da budak ieu mah teu kawas ilaing…,” ceuk Kabayan.

“Meunggeus…geus…geus…geus.., montong terus pasea!” Kang Oni megatan.

“Enya, da si eta mah sok terus ngajak perang wae, Kang,” ceuk Lamsijan.

Kabayan ukur nyengel.

“Cik, numutkeun Akang, kumaha sual cai edan teh?” tanya Kabayan.

“Ulah diinum, ngadeukeutan oge montong!” tandes Kang Oni.

“Puguh eta mah. Maksud uing teh, kudu kumaha sikep urang salaku rahayat ngeunaan cai edan?” tanya Kabayan deui.

“Sabenerna mah, urang teu kudu riweuh. Sabab, pamarentah geus nyieun perda nomer 2 taun 2008 ngeunaan anti kamasiatan. Di antarana ngaharamkeun minuman keras,”  Kang Oni nembrakkeun.

Perda eta teh, ceuk Kang Oni, dijieun alatan Kabupaten Garut mangrupakeun salah sahiji kabupaten anu mibanda niley sumanget ideologis politis sacara historis kadaerahan ku ayana gerakan jeung usaha nanjeurkeun sareat Islam.

“Tapi, naha atuh nya di lembur urang nu dagang cai edan teh angger maweuh,” ceuk Lamsijan.

“Enya,… da gampang nyieun aturan mah. Nu hese teh ngalaksanakeunna. Malah, keur urang Islam mah ti baheula mula geus ditandeskeun dina Al-quran, yen khamr teh haram. Ih…, tapi gening angger we loba anu teu mirosea,” beber Kang Oni.

Padahal, ceuk Kang Oni deui, Rosulullah SAW tos ngadawuh luyu jeng hadist HR Ahmad, Abu Daud, jeung At Tarmidzi : “Inuman naon oge lamun lobana pimabokeun, mangka saeutikna oge haram.”

Ngeunaan khamr, malah Kangjeng Rosul ngalaknat ka sapuluh golongan. Nyaeta anu nyieunna, anu menta dipangnyieunkeun, anu nginumna, anu mawana, anu menta dianteuran, anu nyicikeunna, anu ngajualna, anu ngadahar tina hasil ngajualna, anu meulina, jeung anu menta dipangmeulikeunna.

Saur pangeresa ti Rancabeet, agama Islam netepkeun khamr sabage ummul khabaa-its atawa sumber segala kalakuan anu keji. Oge miftahu kulli syarrin, nyaeta konci sagala kamasiatan. Lamun akal geus katutup ku pangaruh khamr, jalma bisa ngalakukeun rupa-rupa kajahatan.

“Nyikepan sual khamr teh kuduna mah urang bisa tandes kawas sohabat Ali bin Abi Thalib Radhiallahu ‘Anhu,” ceuk Kang Oni.

“Kumaha kitu, Kang?” tanya Kabayan.

Sohabat Ali bin Abi Thalib Radhiallahu ‘Anhu kantos ngadawuh. Kieu saurna : “Mun tea mah aya sakeclak khamr murag ka laut, terus laut eta teh garing, terus tuwuh hiji tatangkalan anu buahna bisa didahar, mangka lamun tea mah letah kuring garing kahalabhaban jeung beuteung kuring ngajerit kalaparan, tangtu kuring moal ngadeukeutanna (khamr).”

Sikep tandes nu sarupa, ditunjukkeun oge ku Umar bin Khatab Radhiallahu ‘Anhu. Di hareupeun jalma loba, anjeunna ngadawuh : “Demi Alloh! Lamun tea mah sakeclak khamr murag kana leunguen kuring, tangtu ku kuring baris diteukteuk leungeun ieu tur ku kuring dileupaskeun tina awak kuring.”

“Coba lamun eta sikep para sohabat teh ditarurutan ku pangagung jeung aparat berwajib, jigana isuk jaganing pageto di nagara urang anu ngarana miras teh ukur kari dongengna wungkul,” ceuk Lamsijan.

“Enya, babari ngalamun mah. Nu hese teh ngawujudkeunna,” ceuk Kabayan.

“Jadi, urang kudu kumaha atuh? ceuk Lamsijan.

“Sing loba istigfar we. Mudah-mudahan Alloh ngahampura ka urang sarerea, sabab urang mah teu bisa kumaha onam ari lain ukur nyingkahan miras mah,” ceuk Kang Oni.

“Cai edan kituh Kang,” potong Kabayan.

“Heueuh… eta. Kumaha ilaing we,” tempas Kang Oni.***

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI