Bulan Nu Kuring jeung Manehna

Anne A. Permatasari

ku: Anne A. Permatasari

KURING ngahaja mulang ka lembur di tungtung taun, harita tèh. Nedunan pangondang sobat nu rèk minantuan. Teu sangka, harita, kuring tepung deui jeung manèhna.

“Lid, sigana manèhna gè bakal datang, da ku Tuti diondang.” Tuti ngaharèwos basa kuring ngarangkul ka manèhna nu keur maturan Alisa, putra cikalna nu jadi pangantèn.


“Saha?” Kuring panasaran.

“Lukman. Bebene Lida barèto, pan? Manèhna sok natanyakeun Lida waè.” Kuring ngalenyap. Lukman? Ningan manèhna masih kènèh inget ka kuring.

Minangka sakalian reuni, Tuti ngondang sobat-sobat mangsa kuliah baheula. Keur kuring diuk prasmanan bari nyacapkeun kasono, Tuti nepak kana tak-tak.

“Lid… saha cing ieu?” Pokna bari nyekel pigeulang hiji lalaki nu jangkung dedeg. Kuring ngagebeg. Hatê teu karasa nyerèdèt.

“Lida?” tanyana.

Geter hatè teu puguh rarasaan ninggali Lukman. Manèhna katinggali robah ti welasan taun kalarung. Leungeunna lèsot tina panyekel Tuti. Gep kana leungeun kuring. Pageuh.

Teuteupna seukeut nembus kana jajantung. Kuring samar rampa, teu puguh polah. Aya reuwas, aya hariwang. Rarasaan teh, salian ti sobat nu pada ngama’lum, unggal jalma keur pada ngawaskeun kuring.

Rey, karasa getih nyaksrak ka sakujur awak. Pating sariak. Satèkah polah kuring usaha, mehper rasa anu ngagalura tapi teu daya ngèpèskeun panyekelna. Bari neger-neger manèh, kuring males kana paneuteupna.

Munggaran deui patepung sanggeus lawas kuring ngereles tina kahirupan manèhna. Aya karumasa nu teu kaukur gedèna. Kalah kumaha ogè alesanana, manèhna tèh jalma nu kungsi mapaèsan hatè. Najan geus tutup kabèh lalakon jeung manèhna, rèbuan tanya masih ngagantung nepi ka kiwari.

Ayeuna nangtung silih hareupan. Manèhna ngeukeuweuk leungeun kuring. Euweuh alesan keur kuring mènta manèhna ngalèsotkeun panyekelna. Duaan ukur silih teuteup.

Sorot panonna pinuh ku kasono. Sakedapan katinggali siga nu nganaha-naha. “Pah…” sora halimpu ngageuingkeun.

Gebeg! Kuring ngarèrèt ka tukangeun manèhna. Dedegan jangkung lenjang, mencrong ka kuring duaan.

“Eh, Vira… kenalkan ini temen papah dahulu,” pokna bari ngalèng ka nu karèk datang.

“Vira!” Pokna pondok.

*****

“Lid, mendingan hidep ngiring deui ka Uwa di Bandung. Sugan gampang nèangan gawè di kota mah,” ceuk mamah dina hiji poè.

Pananganna pinuh kadeudeuh ngusapan buuk kuring nu ngalempay panjang.

“Nyobi di dieu wè di Garut, Mah. Asa alim tebih deui sareng Mamah!”

“Har… naha? pan ti harita gè kuliah di Bandung, jauh ti Mamah.Tong sok mondokeun lèngkah. Hidep mah kudu teuneung, ludeung.”

“Ari Mamah badè sareng saha cobi? Sakitu sareng ceu Èni gè ningan teu tiasa cakèt. Padahal anjeuna pan putra Mamah pangageungna, untung carogèna mah bageur ka Mamah.”

“Tong melang, Eni mah pan kitu adatna, angin-anginan. Keun wè. Jaba pan aya lanceuk hidep lainna. Aya Rustam, Erin, jeung barudakna gè pan apèt ka mamah.”

Rèt kuring ka pameunteuna. Anjeunna semu rada ngabalieur, siga aya nu disumputkeun.

“Naha aya naon Mah? Kamari pan Mamah ku anjeun nu hoyong disarèngan ku Lida. Majar tèh, asa keueung saparantosna Apa ngantunkeun tèh.”

Ngahaja nanya kitu tèh ku panasaran ninggal polah anjeuna, nu bèda ti sasari. Mun teu salah, saprak anjeuna mulih ti arisan di bumi Ceu Rita, juragan toko matèrial. Ceu Rita tèh, langganan maneuhna Lukman nu pacabakanna jadi suplayer bahan- bahan keur pagawean kontraktor.

“Nyèta karèk kapikir. Salah gedè mun mamah ngahalangan cita-cita budak sorangan ngan kulantaran mamah hayang ngariung!”

Kuring teu ngajawab.

“Eh…Lida, mamah rek nanya. Ari hidep tèh geus paheut janji jeung Lukman?” “Kunaon kitu, Mah?”

“Teu nanaon,” mamah ngawalon.

“Ngan, sok pikir heula sing asak. Hidep tèh karèk wawuh sabaraha bulan jeung manèhna. Can apal saha manèhna, saha kulawargana. Najan ènyaan, manèhna geus mapan tina soal èkonomi. Omat kudu apik, tarapti. Jaba deuih, manèhna teh pan bèda suku jeung urang. Sok waè aya adat jeung kabiasaan nu bèda. Nu matak sok jadi alesan timbulna pacogrègran.”

“Atuh Mah, ayeuna mah jaman moderen. Sadayana suku bangsa tèh sami. Nu penting mah siga kasauran Apa kapungkur, saiman!”

“Kitu na mah bener. Ngan sok pikiran deui. Ulah kaduhung engkèna!”

Sok teu kaharti, naha mamah makè nyarios kitu. Pedah meureun Lukman mah urang peuntas, padahal geus lila nganjrek atawa nguriling di taneuh Sunda.

****

Ti saprak pindah ka Bandung, kuring teu boga beubeureuh deui. Teuing kunaon. Asa ngolèmbar hatè tèh. Tiis rasa ka sasaha. Kitu deui, ninggalkeun Lukman gè asa gampang jeung hampang. Euweuh panineungan nanaon. Teuing naon nu ngajadikeun kuring poho kitu waè ka manèhna. Padahal harita tèh, sakitu keur geugeut-geugeutna.

*****

“Saprek kajadian èta, akang nganjrek di bumi mamih. Geus ampir sataun. Teu rèk nyalahkeun manèhna nu sulaya. Rumasa da akang mah jauh waè. Bongan tungtutan pagaweanna kitu. Sanajan hatè mah ancur, akang nguatkeun manèh. Hawatos bilih janten emutan ka mamih. Sakalian niiskeun pikir, akang niat nyarengan mamih mun kabeneran salsè pagawèan. Kamari, basa akang ngadongèngkeun panggih jeung Lida, mamih nyebutkeun hoyong pendak cènah. Iraha atuh Lid, kersa diajak ku akang?”

“Duka atuh Kang. Inggis mamih bendu, kapungkur Lida ngantunkeun Akang kitu waè!”

“Nya sok atuh balaka, kunaon? Mèh akang tiasa ngadugikeuna ka mamih!”

“Duka atuh Kang, ujug-ujug Lida dialihkeun ka Bandung. Dipaksa sangkan jauh ti Garut. Mèlaan mamah unggal minggu, teu sirikna nèang abdi ka Bandung dugi ka ngantunkeunna, sabaraha taun ka pengker. Ti ngawitan ngalih mah, lat wè poho ka Akang. Siga aya nu ngahaja mopohokeun.”

“Diubaran sangkan jadi poho kitu?”

“Duka. Moal wantun suudzon. Mung harita, asa tiba-tiba mamah katawisna teu panuju kana hubungan urang. Nanging mamah teu kersa ngadugikeun, naon alesanna.”

“Paingan atuh. Harita, paroman mamah meni robih. Mun biasana sakitu loma jeung nyaahna ka akang, dumadak asa ngajauhan!”

Sajongjonan, kuring inget ka mangsa nu geus kaliwatan.

“Cik, ari Lida kantos nguping cariosan gorèng naon ngeunaan akang?” Kuring gideug.

“Pami mamah?”

“Duka.”

“Terakhir akang ngahaja ngaleuleuyan, nepangan anjeuna badè nyungkeun alamat Lida di Bandung. Mamah malih nyarios: ‘Tong miharep ka deui Lida. Ngahaja ku mamah dijauhkeun. Karunya mun Lida nyahoeun Lukman geus rumah tangga,’ Hanjakal akang teu kaburu nanyakeun naon maksadna, kantenan ngajelaskeun mah. Kapotong ku cariosan anjeunna, yèn Lida mah tos aya jodona, malih badè ditikahkeun saènggalna. Nu matak dititah pindah ka Bandung gè. Jadi, pondokna: akang kudu mundur. Ceuk pikiran harita, taya untungna mun akang ngajelaskeun nanaon gè.”

Kuring ngabigeu. Kapalay mamah sangkan kuring daèk dijodokeun ka Kang Farhan, putra rèrêncangan uwa, ku kuring teu disatujuan. Antukna, welasan taun lilana, kuring tetep lalagasan.

“Ningan kitu lalakon urang tèh, Lid!”

Kuring ngabigeu bari mapantes manèhna nu keur nyorangan. Nyawang bulan di tungtung telepon. Nunggelis. Teu bèda jeung kuring. “Lid, mun ayeuna urang…”

“… tos wengi, Kang. Lida bade mondok.” Kuring megatkeun obrolan.

Ngadadak tiris sakujur awak. Nu dipikasieun, baris kawakcakeun. Moal werat cumarita. Ningan, teu baheula, teu ayeuna, jalan tèh rumpil. Pinuh ku kamelang jeung kasieun.

*****

Purnama ka dua wèlas, ti harita.

“Caang bulan meni mabra nya, Lid?”

“Kedap deui gè lekasan. Tos badè katompèrnakeun.”

“Ningan? na teu katinggali kitu èndahna ti dinya? Tuh, buleudna meni cureuleuk, matak sono, matak bogoh!”

“Kitu sotèh ngawitanna. Tos lami mah bakal burem.”

“Ah… ceuk Akang mah, bulan teu weleh êndah.”

“Na teu karaos kitu ku Akang, mun peutingna nuju aleum? Mèga ngabedega, tèga mirusa nepi ka teu walakaya.”

“Mèga mah ngan saharitaeun atuh, Lid. Tong sok disaruakeun kana unggal datangna bulan.”

“Bulan mah ukur mèrè harepan.”

“Stt… Tong ngarasula. Anggur tuh teuteup sing anteb. Bulan tèh aya ku èndah”. Pokna pinuh ku geter katrèsna.

“Bulan nu ukur mapaès hatè, èta mah!”

“Ceuk Akang mah, bulan tèh ngayas, nyaliara dina hatè, tara sulaya kana jangjina”. “Hanjakalna, bulanna lain nu urang. Moal bisa dipiboga. Ukur bisa nyawang éndahna ti kaanggangan.”

Sababaraha jongjongan taya nu nyoara, najan hatè kebek ku rupa-rupa rasa. Peuting beuki jempling.

“Tos ampir janari, geuning, Lid.” Sora manèhna halon, meupeuskeun kasimpè, meuyarkeun lamunan kuring.

“Mangga geura reureuhkeun hatè. Sigana, nepi ka iraha gè pamanggih urang ngeunaan bulan moal pernah sapagodos. Tapi sahenteuna, urang kungsi neuteup bulan anu ieu. Nu buleud, nu moncorong di langit, nu cahyana sumirat kana hatè urang duaan.”

Sup, kuring ka jero imah ninggalkeun langit nu narawangan. Ninggalkeun manèhna nu anteng nyawang bulan, duka di mana lebah-lebahna. Dina hatè ngan ukur aya kayakinan. Aya bulan, anu kuring jeung manehna.

Kuring nutupkeun jandèla nu masih mèlèngè. Teu rèkèp, siga hatè kuring ka Lukman. Lain, lain teu hayang nedunan pangajak manèhna. Lain teu ngarasa kumaha geterna kaasih ngaronghèap, deui. Tuwuh lalaunan siga bulan nu teu welèh satia nganjangan. Lain èta…. “… rasanya pengen lebih dekat sama Tante, tapi … bukan sebagai mama baru buat Vira!”

SMS ti Vira abus dina hiji sorè. Bulan nu cureuleuk, nu mabra di langit, sapada harita, ngadadak aleum.Sigana, bakal laju nepi ka pareumna. (210317)***

TULIS KOMENTAR KAMU DI SINI